Sabtu, 22 Juni 2013

hirupna cai

Eta mah Cai ti gunung, asal ti sa’ab jaladri, peuting sumawonan beurang estu henteu pisan cicing, gawena neangan jalan, Perjalanan geusan balik Ngocor nyukcruk-nyukcruk gunung, nyusukan malipir pasir sakur lebak kaeusian balong sumur kitu deui tegal kebon pasawahan mawatna patani mukti Nagara ge jadi subur hurip abdi waras nagri pangeusi alam sarehat sato hewan kitu deui kokotor ge diberesihan lantaran jasa ki Cai Kitu kersaning Hyang Agung jembarna nu Maha Suci Cai maju ka lautan sajajalan jeung babagi tapi bet taya beakna matak heran mun dipikir Kapan nu jolna ti gunung Cai netesna saeutik lumaku neangan jalan di jalan bari babagi taya nu teu kabagian jeung sesana teu saeutik Ari geus deukeut ka laut matak gila nu ningali risi sieun ku gedena aworna laut jeung Cai nya dingaranan sagara Cai geus pulih ka jati Tapi dasar Cai hirup sanajan geus di jaladri taya eureunna ngiriman saabna nyaian deui samalah reujeung nguyahan ka sakabeh abdi Gusti Sangkan maranut ka rasul baroga rasa sajati ngersakeun ka sasama daek silih beuli ati sangkan pada salametna ulah pisan hiri dengki Kapan manusa teh luhung ku pangaweruh piraku eleh ku Cai sanajan pinter carita taya gunana saeutik lamun teu reujeung buktina matak bosen anu nyaksi Abdi Gusti ngucap NUHUN ka Cai nu mawa hurip ka Uyah nu mawa rasa sanajan mawa birahi jeung mawa nafsu sawiah nikmat mun reujeung pamilih